Label

Kamis, 02 Januari 2014

Makalah Sastra Sunda Kampung Naga



PANGJAJAP


Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka nu Maha agung nyaeta Allah SWT. Salawat sinareng salam mugi-mugi kalimpahcurahkeun ka jungjungan urang nyaeta Muhammad SAW, berkat rahmatna laporan ieu tiasa direngsekeun, anu judulnaKAMPUNG NAGA TASIKMALAYA, anu mudah-mudahan bisa sesuai jeung nu dipikaharep.
Dina ie karya tulis nyaeta ngabahas ngenaan Kampung Naga anu aya di Tasikmalaya. Anu di pihatur ku para Mahasiswa-mahasiswi fakultas adab jeung Humaniora jurusan Bahasa jeung Sastra Inggris, anu dileuebeutna disertakeun ku dokumentasi objekna.
Dina kasempatan ieu, sim kuring salaku mahasiswa ngahaturkeun nuhun ka pihak-pihak anu atos masihan dukungan sareng bantosan secara moral atanapina materialna dina ngeunaan karya tulis ieu, terutami :
1.      Dosen bahasa jeng sastra sunda Deni suswanto.fakultas Adab dan Humaniora UIN SGD Bandung.
2.      Ketua jurusan Fakultas Adab jeng Humaniora UIN Sunan Gunung Djati Bandung Dedi Sulaeman M.hum.
Mudah-mudahan ku ayana karya tulis ieu tiasa masihan manfaat kanggo umumna urang sadaya khususna kanggo sim kuring nyalira.

Bandung, Desember 2012

                                                                                       Rizki Restu Permana



DAFTAR EUSI
Pangjajap ..............……………………………………………………………………1
Daftar Eusi ................................................................................................................... 2
BAB I: PEDAHULUAN
A.    Latar Belakang ...........................................................................................3
B.     Rumusan Masalah .....................................................................................3
C.     Tujuan Karya Tulis ..................................................................................3
D.    Manfaat Makalah ......................................................................................4
E.     Metode Karya Tulis ..................................................................................4
F.      Sistematika Penulisan ..............................................................................4
BAB II : PAMBAHASAN ..........................................................................................6
1.      Sejarah Kampung Naga ...........................................................................6
2.      Ciri-ciri Masyarakat Kampung Naga .....................................................7
2.1  Pakasaban ...........................................................................................7
2.2  Pakakas ...............................................................................................8
2.3  Organisasi Kamasyarakatan .............................................................8
2.4  Sistem Pangaweruh.............................................................................9
2.5  Sistem Kepercayaan ...........................................................................10
2.6  Imah/Pakean .......................................................................................10
2.7  Sistem Kesenian ..................................................................................11
2.8  Sistem Bahasa .....................................................................................12
3.      Unsur-unsur Inovativ Masyarakat Kampung Naga ..............................12
BAB III : PANUTUP ..................................................................................................14
A.    Kasimpulan …......................................................................................................14
B.     Saran ....................................................................................................................14


BAB I
PENDAHULUAN
A.    Latar Belakang
      Karya Wisata ieu mangrupakeun wisata nu dilakukeun kanggo nambahan panganyaho mahasiswa dina bidang pengetahuan. Sanggeus karya wisata ieu mahasiswa-mahasiswa diwajibkeun nyieun makalah ieu. Makalah ieu mangrupikeun hasil tina kagiatan anu geus dilaksanakeun.
Makalah ieu mangrupikeun tugas para Mahasiswa semester tilu, Fakultas Adab jeung humaniora UIN sunan Gunung Djati Bandung. Dina susunan makalah ie,. mahasiswa diharepkeun tiasa nngalaporkeun sagala kanyahona jeung pangalamana basa study tour.     
Dina makalah ieu ngeunaan kampung adat anu dibere ngaran Kampung Naga.
B. Rumusan Masalah
            Numutkeun carita nu dipaparkeun diluhur, tiasa disimpulkeun rumusan masalahna nyaeta:
Naon sejarah Kampung Naga, ciri-ciri masyarakat Kampung Naga teh, pakasabana, pakakas, organisasi kamasyarakatan, sistem pangaweruh, sistem kepercayaana, imah, sistem kesenian, sistem bahasana, jeung unsur-unsur inovatif Kampung Naga.
C. Tujuan Makalah
Tujuan nu nu dipikahayang dina makalah ieu nyaeta:
a.       Kanggo nambahan wawasan sarta pangatahuan ngenaan adat jeung budaya sunda.
b.      Dipikaharep tiasa nerapkeun pengetahuana dina kahirupan sapopoe.

D. Manfaat Makalah
      Manfaat ti makalah ieu nyaeta:
1.      Nambah pikanyaho ngenaan adat jeung budaya urang sunda.
2.      Nambah pikabisa dina neliti kanggo penelitian.
.     E.     Metode Karya Tulis
Metode nu digunakeun dina nyieun makalah ieu nyaeta:
·         Metode observasi:
Nyaeta datang jeung ningali langsung kana objek pikeun bahan makalah.

·         Metode literature:
Nyaeta ngagunakeun buku jeung media internet

F.     Sistematika Panulisan
Sistematika panulisan laporan makalah ieu disesuaikeun jeung inti masalah nu rek
dibahas. Bahasan laporan ieu dibagi kana tilu bab.
BAB I       PENDAHULUAN nyakup:
·         Latar Belakang.
·          Perumusan Masalah.
·          Tujuan Karya Tulis.
·         Manfaat Karya Tulis.
·         Metode Karya Tulis.
·         Sistematika Penulisan.

BAB II      BAHASAN nyakup :
·         Kampung adat, Kampung Naga.
BAB III    PENUTUP
·         Kasimpulan
·         Saran











BAB II
KAMPUNG NAGA
21.jpg   Kampung Naga nyaeta kampung anu ayana di kabupaten Tasikmalaya kacamatan Neglasarai kalurahan Salawu, anu pendudukna aya 314 jiwa. Kampung ieu dipimpin ku anu disebut “kuncen”. Ieu kampung tijaman baheula nepi kakiwari teu kaciri aya parobahan, boh dina system kahirupannana boh dina sistem adat jeung budayana. Naha ieu kampung bisa tetep mempertahankeun kayaan jeung kahirupan jaman baheula nyaetak kusabab ngabogaan nungarana budaya, masarakat kampung ngajadikeun budaya pikeun kabutuhan oge gaya hirup sapopoe. Dina ieu makalah oge dipaparkeun sababaraha informasi pentimg pikeun dipikanyaho, diantarana sajarah kampung naga, tuluy ciri-ciri masarakat kampung naga jeung oge sababaraha unsur-unsur inovatifna.
1.Sajarah Kampung Naga
Kampung naga ieu teu dipikanyaho iraha ayana kusabab aya anu disebut pareum obor, tapi anu pasti ieu kampong teh pernah diduruk ku anggota DITII taun 1956 . Imah-imah beak kadaruruk komo dei upami ningal kana bangunan imah-imah dikampung naga ieu teh marake bahan tina awi atawa kayi, loba jelema anu teu salamet loba oge data-data jeung dokumen-dokumen anu mangrupa tulisan-tulisan anu teu kasalametkeun anu nyieun beuki hese ker ditaliti ngeunaan sajarah kampung naga ieu teh, tarutama ngeunahan iraha ayana ieu kampung teh. Teras anu pasti di ieu kampung aya patilasan, nyaeta salahsahijina tempat shalat, lamun ditingali dina ayana agama Islam, Agama Islam aya di abad ka-14 jadi lamun dipikir ku akal ieu ayana kampung moal jauh ti jaman panyebaran Islam di Indonesia .
2.Ciri-ciri Masarakat Kampung Naga
Masyarakat kampung naga mangrupakaeun masarakat anu kentel keneh kana adat jeung budayana, anu jadi ciri ieu kampung diantarana dina pakasabana, pakakas nu dipake sapopoena, organisasi kamasyarakatan, sistem pangeweruhna, oge sistem kapercayaan anu dianut ku masyarakat kampung teras bentuk jeung khas imah masyarakat, sistem kasenian jeung nyaeta sistem bahasana.
2.1  Pakasaban
7.jpg
6.jpg Pakasaban atawa pagawean masyarakat kampung naga mayoritasna nyaeta jadi patani, kusabab letak kampung naga cocok pisan jang bertani. Salain ti tani aya oge sababaraha masyarakat anu jadi pengrajin pernak-pernik hiasan ti Kampung Naga, teras aya oge anu ngabogaan ternak, siga ternak domba, hayam jeung aya oge anu ternak atawa miara lauk..

2.2 Pakakas
Pakakas anu dipake ku masyarakat teu kampung naga teu beda jauh jeung kampung-kampung laina. mulai pakakas dapur, siga boboko, nyiru, jeung sejenan atawa pakakas anu dipake pikeun pigawe sapopoe diluar imah, siga etem atawa ani-ani, arit atawa bedog. Ngan kusabab ieu kampung teh ayana teu jauh tidaerah perkotaan loba oge pangaruh moderenitas anu asup ka ieu kampung tarutama tina panggeseran sababaraha pakakas, jiga tali pikeun nyieun imah diganti ku paku, terus paralon paragi ngalirkeun cai anu ngagantikeun awi. Aya oge sababaraha masyarakat anu geus boga tv ngan kusabab dikampung ieu teu narima ayana listrik jadi ieu tv ngagunakeun aki.
2.3 Organisasi Kamasyarakatan
Masyarakat Kampung Naga ngarupakeun masyarakat anu geus ngabogaan sistem organisasi kamasarakatan anu disebut Lembaga adat, ieu lembaga adat kabagi jadi tilu bagian diantarana :
·         Kuncen
·         Lebe
·         Punduh
Kuncen nyaeta anu miboga pancen pang tinggina nyaeta pikeun ngabimbing oge ngajaga adat anu aya dilingkungan masarakat, contona lamun aya tamu atau kunjungan ka ieu kampung ,kuncen anu ngajelaskeun atawa nerangken ka tamu atawa ka pengunjung.
Lebe, mangrupakeun bagian anu miboga pancen pikeun masalah dibidang ka-agamaan, jiga dina aya anu nikah atawa aya anu maot, atawa oge dina acara-acara taun besar Islam eta kabeh anu jadi tugas lebe.
Punduh, nyaeta anu jadi conto oge ngurus gawe . Anu panutan masyarakat kampung naga, nupasti punduh beda jeung lurah atawa kapala desa.

2.4 Sistem Pangaweruh
Pangaaweruh anu dipiboga ku masyarakat Kampung Naga loba meunagng lain ti tempat-tempat anu formal. Tapi masyarakat Kampung Naga teu dilarang jang nungtut elmu atawa gawe di luar ti Kampung Naga ngan lamun pas balik ti luar warga anu geus nugtut elmu atawa gawe diluar eta kudu balik deui nurutkeun peraturan, pakean, jeung tingkah laku anu diterapkeun di Kampung Naga. Jadi Kampung Naga ngabogaan kabebasan dina kahayang masyarakatna anu dek nungtut elmu atawa gawe diluar Kampung Naga.
2.5 Sistem Kapercayaan
Kapercayaan masarakat Kampung Naga anu pasti mah nganut agama Islam, ditingali tina sajarahna ieu kampung teh miboga patilasan paragi shalat anu jadi ieu kampung tiasa dipastikeun nganut agama islam. Oge anu nyirikeun pisan sistem kapercayaan masarakat kampung teh Islam, nyaeta ayana bangunan Masjid ditengah kampung. Aya oge kapercayaan masarakat ngeunaan anu disebut pamali , basa pamali ieu jadi hiji aturan ti kabeh peraturan anu aya di Kampung Naga. Contona wae dina larangan teumeunang nangunjar bari malik ka kiblat, cukup ku ucapan pamali, eweuh nuwani ngalanggar eta larangan lantaran ku ucap pamali ejeung emang sistem kapercayaan masarakat anu masih cukup kuat ngeunaan basa pamali.
   Di Kampung Naga ngan aya genep hari gede dina sataun nyaeta, aya oge anu disebut hajat sasih nyaeta parayaan taun besar Islam jiga sasih muharam, ramadhan, idul fitri jeung taun besar sejena.
2.6 Imah / Pakean
4.jpg 
Imah di Kampung Naga ieu kabeh ngagunakeun bahan ti awi atawa awi, anu jadi ciri has imah masarakat Kampung Naga, kabeh imah di Kampung Naga dijeun anu disebut imah panggung, tuluy alasna masih keneh make awi, tuluy luhurna teu make kenteng tapi make ijuk jeung eurih aya oge anu jadi ciri has imah dikampung naga nyaeta sasag,  sasag ngan aya dikampung naga anu jadi ciri khas imah traditional di eta kampung.
Imah-imah di Kampung Naga kabeh posisina patonggong-tonggog, bagean harep dipake pikeun tempat masak anu tukang tempat istirahat, jadi tempat istirahat nempel jeung imah sabeulah anu oge tempat istirahat,. Imah-imah di kampungnaga ngabogaan filosofi awak jelema timulai mastaka, awak nepi ka sampean.
Pakean anu dipake ku masarakat lolobana make kaen samping jeung baju bahan, tapi baju nukawas kitu lolobana dipake ku kolot. Kusabab pangaruh tiluar jadi barudak mah lolobana make baju biasa jiga budak-budak di kampung lain.
2.7 Sistem Kasenian
00.jpg
              Kasenian anu aya dikampung naga lolobana nyaeta kasenian anu teu beda jauh ti seni sunda sejena , jiga tina seni tari jeung musikna anu masih ngagunakeun alat musik tabeuh atawa tiup oge seni tarina anu emang nyimbolkeun kahirupan masarakat jeung alam.
   Anu jadi ciri khas ti ieu kampung nyaeta karajinan masarakat kampung anu sok dijadikeun salah sahiji pagawean netep,nyaeta rigen anu dijieuna tina nyere kawung anu jadi ciri khas oleh-oleh atawa cindramata anu ngajadikeun ciri khas karajinan kampung naga.
2.8 Sistem Bahasa
Bahasa anu dipake nyaeta bahasa Sunda, ngan aya sababaraha bahasa anu jarang dipake ku urang sunda di kampung lain komo jeung basa sunda dikota mah.
Masarakat masih ngajaga oge ngamumule basa anu mangrupakeun salah sahiji warisan ti luluhur. Basa nepi ka ayeuna masih keneh bertahan, kulantaran masyarakat kampung bener-bener mempertahankeun budaya ku ngagunakeun basana sapopoe teu make nyampur-nyampur keun jeung bahasa lain.
3.Unsur-unsur Inovatif Kampung Naga
Dina ngamumule basa jeung budaya Sunda urang kudu bangga ngabogaan eta budaya jeung basa tong nepikeun ka degradasi ku budaya luar atawa nepikeun ka era. “Jati ulah kasilih ku junti” bae urang wawuh ka kabudayaan luar tapi tong nepikeun ka mohokeun kabudayaan sorangan tarutama budaya jeung basa Sunda.
Filsafah hirup kampung naga anu kudu diconto ku urang diantarana dina agama jeung darigama ,aya tilu nyeta :
·         Panyaur gancang tenonan
·         Parentah gancang lakonan
·         Pamulut gancang caosan
Dina hirup urang tong sok nga engke-engkekeun pagawean, mun aya parentah kudu gancang dilaksanakeun tong di engke-engke keun sok teukarasa kuurang ke eta pagawean nu di engke-engkekeun teh nyieun cilaka ka urang.
Loba pisan unsur-unsur inovatif sejena anu bisa ku urang adopsi ka kahirupan sopopoe, eta kabiasan kampung teh loba pisan anu geus leungit dikahirupan kota anu sabenerna mangrupakan dasar tatakarama jeung norma hirup.











BAB III
PENUTUP
          
A.    Kasimpulan
Dina ayana jieunan karya tulis ieu urang sadaya tiasa meunang manfaat. Kahiji urang tiasa leuwih kana pikanyaho urang ngenaan budaya urang sunda, kaduana, dina sagala aspek budaya sok boga nilai-nilai kahirupan siga nilai moral anu mudah-mudahan tiasa dijadikeun pelajaran jeung kahadeanana bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoe.
Dina aspek-aspek anu parantos dipikanyaho ku urang sadaya bisa disimpulkeun bae urang wawuh ka kabudayaan luar tapi tong nepikeun ka mohokeun kabudayaan sorangan tarutama budaya jeung basa Sunda jeung budaya oge kudu dimungmule ku urang sorangan sabab ku saha dei ari lain ku arurang sorangan.
B.     Saran
Nu kahiji bade nyuhunkeun dihapunten ngenaan makalah ieu, simkuring sadar seueur pisan kakirangan dina ieu makalah, janten simkurung nyuhunkeun kritik sareng sarana kanggo ngajantenkeun ieu makalah langkung sae. Haturnuhun.






2 komentar: